Senin, 02 April 2007

Balébat

: mawa cangra keur ayeuna jeung mangsa nu bakal kasorang

Posted by Balébat at 16:29:14 | Permanent Link | Comments (1) |

Kamis, 15 Februari 2007

Léngkah Munggaran

Alhamdulillah, ahirna Majalah Balébat nu mangrupa majalah basa Sunda, nu insya Allah baris medal unggal sasih, tiasa nepangan ka para mitra sadayana. Sanajan diléngkah munggaran ieu seueur kénéh kakiranganana.

Medalna Majalah Balébat ieu téh mangrupa hiji tarékah pikeun ngiring ngariksa, ngamumulé, jeung ngaropéa budaya Sunda umumna, hususna basa Sunda, nu dina mangsa kiwari katingalna tos rada dikantunkeun, sahenteuna ogé tos ngaheureutan nu migunakeun basa Sunda pikeun nyarios sapopoé téh. Utamana urang Sunda nu linggihna di dayeuh. Seueur mémang sabab-musababna mah, kunaon basa Sunda téh tos teu dipaliré deui, salah sawiosna mah ku kirangna émbaran (informasi) jeung bahan bacaeun dina basa Sunda.

Ku kituna, ayana Majalah Balébat ieu, tiasa nambihan bahan bacaeun, sakaligus nambihan iber (informasi) ngeunaan basa sunda jeung kasundaan. Nu antukna tiasa ngawanohkeun deui basa Sunda ka balaréa, sangkan basa Sunda téh tiasa nanjeur deui.

Di léngkah munggaran ieu, tangtu waé seueur pisan kakirangan nu kapidangkeun téh. Aya hiji papatah ti nagri Cina nu unina: "Léngkah réwuan mil dikawitan ku léngkah nu munggaran". Kusabab éta, redaksi nampi pisan kana lebetanana, boh nu mangrupa kritik, koréksi, oge usulan-usulan nu tiasa ngabalukarkeun majalah ieu jadi langkung saé, langkung katampi ku para mitra, sangkan tiasa jadi matuh dugi ka réwuan kali medalna.

Majalah Balébat ieu medalna téh di wewengkon Bogor, jalaran kitu, nu dipikahoyong mah tiasa nepangan para mitra ku basa Sunda Bogor waé atawa ku basa loma téa. Ceuk cenah basa Sunda Bogor mah teu pati kapangaruhan ku nu namina undak usuk basa, égaliter kitu ceuk basa légégna mah. Ogé, satiasa-tiasa ngagunakeun pilihan kecap nu basajan, sangkan nu maosna teu kerung teuing jeung deui tiasa langsung kahartos tanpa kedah mumuka kana kamus heula.

Mugia naon-naon nu tos kapihatur dina eusining Majalah Balébat ieu, sasieureun sabeunyeureun tiasa aya mangpaatna, tiasa nambihan kana pangaweruh, utamana ngawanohkeun deui kana basa Sunda jeung kasundaan.

Sakumaha balébat nu unggal énjing némbongkeun dirina di beulah wétan bari mamawa harepan ka sakumna mahluk nu aya di alam dunya, kitu ogé Majalah Balébat ieu, kapayunna mah sugan tiasa nyumponan harepan ka sing saha waé nu masih mikareueus kana budaya Sunda.

 

Wilujeng Maos

Posted by Balébat at 17:02:23 | Permanent Link | Comments (0) |